Hadirin Jama’ah Sholat Jum’ah Rahimakumullah
Sadaya puji kagungan Allah Swt. rahmat sareng kawilujengan mugi disanggakeun ka Kangjeng Nabi Muhammad saw., ka kulawargina, ka para sahabatna, dugi ka sadaya umatna. Salajengna khatib wasiat ka pribadi hususna, oge kasadayana, mangga urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Allah Swt., kalayan dibuktoskeun ku cara ngamulyakeun sasih Dzulqa’dah, kumargi sakitu judul khutbah anu bade dipedar nyaeta;“Opat Kautamaan Sasih Dzulqa’dah (Hapit)”.
Hadirin Jama’ah Sholat Jum’ah Rahimakumullah.
Estu henteu karaos nyerelekna dinten, gunta-gantina minggu dugi ka cunduk deui kana sasih enggal. nyaeta Sasih Dzulqa’dah. Numutkeun kamus Al-Mu'jam al-Wasith, kecap Dzulqa’dah téh kawangun tina dua lafadz, nyaéta Dzu anu hartosna ngabogaan, sarta Qa’dah anu hartosna tempat diuk. Janten, hartosna Dzulqa’dah sacara basa nyaéta anu ngabogaan tempat diuk. Lajeung numutkeun Syaikh Almuddin Asy-Syakhawi, disebat kitu margi kapungkur bangsa Arab upami parantos nincak kana sasih ieu, aranjeunna liren tina peperangan sarta rupa-rupa kagiatan anu sipatna kekerasan.
Malihan mah di masarakat Sunda, sasih Dzulqa’dah
téh sok disebat sasih Hapit, jalaran perenahna anu kaapit ku dua sasih hari raya, nyaéta
sasih Syawal (Idul Fitri) sareng
sasih Dzulhijjah (Idul Adha),
kumargi sakitu sok aya sapalihna jalmi anu nyapirakeun kana ieu sasih.
Majarkeun ieu sasih teh biasa wae, henteu kagungan kautamaan.
Padahal numutkeun ajaran Islam mah, ieu sasih teh seueur pisan kautamaannana. Lajeung
pertarosnana, naon waé kautamaan sasih Dzulqa’dah? Kanggé ngawalerna, mangga urang titénan pedaran
Syaikh Muhammad Shalih al-Munajjid dina risalah Fawāid fī Syahri Dzulqa’dah, anu di antawisna aya opat rupi:
Kahiji, sasih Dzulqa’dah téh mangrupa salasahiji
sasih anu dimulyakeun ku Allah Swt. atanapi
إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُوْرِ عِنْدَ اللّٰهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللّٰهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمٰوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ
“Saéstuna jumlah bulan numutkeun Allah nyaéta dua welas bulan, [kaunggel] dina kitab Allah nalika Anjeunna nyiptakeun langit jeung bumi, diantarana aya opat bulan mulya”
Numutkeun Hadis Riwayat Bukhari, anu dimaksad opat sasih anu mulya dina éta ayat téh nyaéta: Sasih Dzulqa’dah, sasih Dzulhijjah, sasih Muharram sareng sasih Rajab.
Kadua, sasih Dzulqa’dah téh kaasup kana salasahiji sasih anu diharamkeun pikeun nganiaya diri. Ku kituna Imam Qatadah dina kitab Jami’ al-Bayan negaskeun yén dosa anu dipigawé dina bulan ieu téh balesanana langkung beurat. Kumargi sakitu, hayu urang langkung ati-ati dina laku lampah sarta nebihan sagala rupi laku dholim, sakumaha dawuhan Allah dina Surat At-Taubah [9] ayat 36:
فَلَا تَظْلِمُوْا فِيْهِنَّ أَنْفُسَكُمْ
“Ku kituna poma maraneh ulah ngadzolimi diri maraneh dina bulan eta”.
Katilu, sasih Dzulqa’dah téh mangrupa salasahiji sasih anu dilipetgandakeun pahala amal soléhna. Ku kituna, hayu urang ningkatkeun ibadah wajib sarta sunat, ngalobakeun dzikir, ngaos Al-Qur’an, husu dina ngadu’a, sarta silih tulungan ka sasama bari tetep ngajaga diri tina kamaksiatan. Hal ieu sakumaha kasauran Ibnu Abbas r.a. anu dicutat ku Ibnu Rajab dina kitab Lathaiful Ma’arif:
أَنَّ الْعَمَلَ الصَّالِحَ وَالْأَجْرَ فِي هٰذِهِ الْحُرُمِ أَعْظَمُ
Kaopat, sasih Dzulqa’dah téh mangrupa sasih anu dipilih ku Rasul kanggé ngalaksanakeun ibadah umrah sababaraha kali. Tangtos hal ieu janten tanda yén ieu sasih téh ngandung rusiah kaberkahan sarta kautamaan anu kacida agungna, sakumaha anu kaunggel dina hadis riwayat Imam Bukhari:
اِعْتَمَرَ رَسُوْلُ اللّٰهِ صَلَّى اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَرْبَعًا، كُلُّهُنَّ فِي ذِي الْقَعْدَةِ، إِلَّا الَّتِيْ كَانَتْ مَعَ حَجَّتِهِ
“Rasulullah Saw. ngalaksanakeun umrah téh opat kali, sadayana dina sasih Dzulqa’dah. Kajaba umrah anu dilaksanakeun bareng sareng ibadah haji anjeunna."
Hadirin Jama’ah Sholat Jum’ah Rahimakumullah. Kasimpulan: Sasih Dzulqa’dah téh mangrupa salasahiji sasih anu dimulyakeun ku Allah. Ku kituna, mangga urang ningkatkeun amal kasaéan margi pahalana langkung ageung, ogé nebihan laku lampah dosa margi siksana langkung beurat, kalayan diniatan seja miharep rahmat sareng ridha Allah Swt.
بَارَكَ اللّٰهُ لِيْ وَلَكُمْ، وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَثِيْرًا، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللّٰهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ جَاءُوْا بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللّٰهِ، اِتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ، وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ إِنَّ اللّٰهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ، وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا، وَإِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً، وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ إِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ، وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى، وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ فَاذْكُرُوا اللّٰهَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللّٰهِ أَكْبَرُ.
